HIKMAH TINA CARITA NABI SULAIMAN AS
Hiji poe, Nabi Sulaiman nepikeun sabuah maksud ka gusti
Allah Azza wa Jalla. Saperti anu ku urang tos terang, Nabi Sulaiman teh
dipasihan kaleluasaan ku gusti Allah SWT nyaeta tiasa nguasaan bangsa jin,
sasatoan jeung angin sarta dianugerahi kakayaan anu ngalimpah. Ku ngalimpahna
kakayaan Nabi Sulaiman, Nabi Sulaiman ngarasa sanggup masihan dahar ka tiap
makhluk anu aya di karajaannana.
Oleh sabab eta, Nabi Sulaiman bermunajat ka gusti Allah
SWT supaya di pasihan izin jang masihan kadaharan ka satiap makhluk anu aya di
karajannana salama sataun pinuh. Teras Allah SWT ngajawab munajatna Nabi
Sulaiman, firman Allah : “Anjeun sakali-kali moal tiasa ngalakukeun hal eta”.
Tapina Nabi Sulaiman masih keneh teguh, Nabi Sulaiman menta izin ka gusti Allah
SWT, manehna hoyong ngabagikeun kadaharan ka sakabeh makhluk hanya kuur sapoe teras
Allah SWT ngizinkeun Nabi Sulaiman ngalakukeun hal eta jang ngabuktikeun
kakuasaan Allah Azza wa Jalla.
Nabi Sulaiman teras buru-buru ngalaksanakeun hajatna. Manehna
nitah masak ka pagawe-paawena kadaharan anu jumlahna tiasa minuhan hiji lapang
nu ageung pisan. Saking ageungna eta lapangan dituturkeun dalam riwayat,
panjang hidangan lapangan eta teh nepi sabulan, kitu oge sareng lebarna. Saatos
mempersiapkeun hidangan anu seueur eta, Nabi Sulaiman nitah ka sakabeh makhluk
ngulilingan kadaharan eta, supados teu reksak. Saatos Nabi Sulaiman
mempersiapkeun sagala sesuatuna, Allah berfirman : “Makhluk mana nu ku anjeun
bade dipersilahkeun ngadahar eta makanan ti heula ?”, Nabi Sulaiman ngajawab :
“Simkuring mohon Gusti, abdi hoyong makhluk darat sareng makhluk laut anu
ngadahar hidangan ieu heula Gusti”. Tapi Allah SWT teu ngabulkeun eta kahoyong
Nabi Sulaiman, Allah ngan ukur ngadatangkeun hiji lauk ageung ti sakian loba
lauk anu aya di laut. Lauk ageung eta diletakkeun ku Gusti Allah di hereupeun
hidangan eta. Teras, lauk eta ngangkat eta mastakana jeung ngomong ka Nabi
Sulaiman.
Lauk : “Hey
Sulaiman, sasungguhna Allah telah menjadikeun rezeki kuring poe ieu
di tangan anjeun.”
Nabi
Sulaiman : “Cokot eta kadaharan nepika anjeun ngarasa
wareg”.
Lauk eta teras ngalahap kabeh
kadaharan ngan ukur sababaraha detik hidangan eta ludes ku si lauk. Saatos
hidangan eta ludes beak si lauk ngomog ka Nabi Sulaiman.
Lauk : “Hai
Sulaiman, sasungguhna abdi teu acan ngarasa wareg, meski tos
nyantap
sakabeh kadaharan nu atos anjeun sajiken.”
Ngarasakeun kajadian eta Nabi Sulaiman AS sadar,
sasungguhna ngan Allah SWT nu tiasa masihan rezeki ka sakabeh makhluk-Nya
sehingga makhluk-maklukna tiasa ngarasakeun wareg. Sedengkeun Nabi Sulaiman AS
nu atos nyiapkeun kadaharan sakitu lobana oge teu tiasa minuhan beuteung hiji
lauk. Komo deui upami Nabi Sulaiman AS bade masihan dahar ka sakabeh makhluk
anu aya di bumi.
Tangtuna, Nabi Sulaiman AS bakal ngarasakeun cape jeung
teu tiasa. Komo kanggo masihan kadaharan ka sakabeh makhluk anu aya di bumi.
Janten teu aya daya sareng upaya pada seorang makhlukpun jang masihan rezeki ka
satiap makhluk lainna.
Ngan ukur Gusti Allah Azza wa Jalla Zat anu Maha Masihan
rizki nu tiasa ngalakukeunna tur sampurna. Nabi Sulaiman AS tuluy tersungkur
sujud mayuneun Gusti Allah SWT. Nabi Sulaiman AS sadar pisan di mana
letak-letak kalemahannana salaku makhluk Allah. Nabi Sulaiman AS dina sujudna
nyarios “Mahasuci Allah, Zat anu tos naggung rizki bagi sakabeh makhluk anu
dipasihan rizki, henteu Nabi Sulaiman AS sadari.”
